Para wargi sadaya, Budaya anu besar dicirikeun ku bahasa na. Bangsa Sunda ngarupakeun salah sahiji bangsa anu tingkat budaya na tinggi.
Eta dicerminkeun ku keragaman bahasa urang, kosakata na, malahan aya undak usuk basa na.
Salah sahiji contoh urang tiasa tingali upami di bahasa anu sanes, hiji kecap dianggo sadaya subjek anu ngalakonan na. Tapi di basa sunda mah heunteu, kecap eta dianggo ditingali heula subjek na saha sareng kumaha.
Contoh alit na makan = eat/Inggris = eten/Belanda = essen/Jerman = taberu/Jepang. Tapi di basa sunda mah teu tiasa kitu. ditingali heula subjek kalimah anu ngalakonan na.
tuang=kanggo jalmi anu dihormati
neda=kanggo nyalira/tingkat basa loma
emam=tingkat basa loma dahar
lebok= tingkat basa kasar tetegek, lolodok, papacok sareng sajaba na eta kanggo sasatoan.
Unggal sato benten kecap kecap anu dianggo na, kumaha cara si sato “makan”. Eta salah sahiji bukti reh na, bahasa urang teh bahasa anu berbudaya tinggi. Urang kedah tiasa ngahargaan sareng ngajaga sasarengan Bahasa urang sarerea.
Anggo bahasa sunda dina sadaya kagiatan urang sadidinten. Saheunteu na, anggo basa sunda upami nyarios sareng urang sunda deui… Hayu urang ngamumule budaya sunda.