Feeds:
Pos
Komentar

Archive for the ‘Budaya Sunda’ Category

Aksara Sunda

Bahasa ngarupakeun salah sahiji paninggalan warisan leluhur urang. Kanggo bahasa Sunda, aya aksana na nyalira. Nuju sim kuring masih alit, aksara ieu masih diajarkeun ku orang tua abdi, masih seueur plang plang nami jalan ditulis nganggo aksara sunda sareng aksara romawi. Abdi bungah pisan kusabab aksara sunda masih dianggo keneh.

Mung pas abdi tos lebet kuliah, abdi hoyong diajar tentang aksara sunda bapa sim kuring tos teu emut deui. Tataros kaditu kadieu pada teu tiasa ngajarkeun. Milarian di toko toko buku asa sesah pisan mendakan na teh.

Aya perasaan bungah tur bangga, ayeuna abdi tos tiasa mendakan salah sahiji warisan budaya sunda. Tos berbentuk standarisasi font deui.

Para wargi sadaya, anu hoyong diajar aksara sunda kanggo salah sahiji wujud ngamumule budaya sunda. Ayeuna aksara sunda tos aya standarisasi na. Upami para wargi sadaya hoyong ningali atanapi mempelajari aksara sunda. Tiasa diilik atanapi diunjal tina situs na Kang Dadan (http://daluang.com/).

Hayu urang ngamumule budaya sunda ku ngalakukeun naon wae anu tiasa dilakukeun..

Read Full Post »

Para wargi sadaya, Budaya anu besar dicirikeun ku bahasa na. Bangsa Sunda ngarupakeun salah sahiji bangsa anu tingkat budaya na tinggi.

Eta dicerminkeun ku keragaman bahasa urang, kosakata na, malahan aya undak usuk basa na.

Salah sahiji contoh urang tiasa tingali upami di bahasa anu sanes, hiji kecap dianggo sadaya subjek anu ngalakonan na. Tapi di basa sunda mah heunteu, kecap eta dianggo ditingali heula subjek na saha sareng kumaha.

Contoh alit na makan = eat/Inggris = eten/Belanda = essen/Jerman = taberu/Jepang. Tapi di basa sunda mah teu tiasa kitu. ditingali heula subjek kalimah anu ngalakonan na.

tuang=kanggo jalmi anu dihormati

neda=kanggo nyalira/tingkat basa loma

emam=tingkat basa loma dahar

lebok= tingkat basa kasar tetegek, lolodok, papacok sareng sajaba na eta kanggo sasatoan.

Unggal sato benten kecap kecap anu dianggo na, kumaha cara si sato “makan”. Eta salah sahiji bukti reh na, bahasa urang teh bahasa anu berbudaya tinggi. Urang kedah tiasa ngahargaan sareng ngajaga sasarengan Bahasa urang sarerea.

Anggo bahasa sunda dina sadaya kagiatan urang sadidinten. Saheunteu na, anggo basa sunda upami nyarios sareng urang sunda deui… Hayu urang ngamumule budaya sunda.

Read Full Post »

Nagara urang, Nagara anu nuju berkembang, tapi perkembangan na seueur dampak anu teu sae. Kitu oge sareng budaya urang budaya Sunda. Diantawis na, karya karya seni Sunda tos jarang deui dikuping, wayang golek tos jarang deui dipertunjukkeun dinu hajatan. Tos seueur anak cucu buyut urang Sunda anu teu tiasa malahan alim nyarios basa Sunda.

Efek tina urbanisasi, seueur kota2 ageung di tatar sunda anu jadi target urbanisasi, Bandung, Bogor, Bekasi, Karawang. Tatar Sunda emang caket sareng ibukota Nagara urang Jakarta, seueur efek na sapertos pembangunan na oge janten cepet pisan, tapi ku seueur na para imigran ti daerah anu sanes seueur atanapi sakedik na ngakibatkeun degradasi budaya urang.

Kanggo urang Sunda, hayu urang ngamumule budaya urang, ulah dugi ka budaya urang mung kantun ka sejarah na hungkul..

Read Full Post »