Bahasa ngarupakeun salah sahiji paninggalan warisan leluhur urang. Kanggo bahasa Sunda, aya aksana na nyalira. Nuju sim kuring masih alit, aksara ieu masih diajarkeun ku orang tua abdi, masih seueur plang plang nami jalan ditulis nganggo aksara sunda sareng aksara romawi. Abdi bungah pisan kusabab aksara sunda masih dianggo keneh.
Mung pas abdi tos lebet kuliah, abdi hoyong diajar tentang aksara sunda bapa sim kuring tos teu emut deui. Tataros kaditu kadieu pada teu tiasa ngajarkeun. Milarian di toko toko buku asa sesah pisan mendakan na teh.
Aya perasaan bungah tur bangga, ayeuna abdi tos tiasa mendakan salah sahiji warisan budaya sunda. Tos berbentuk standarisasi font deui.
Para wargi sadaya, anu hoyong diajar aksara sunda kanggo salah sahiji wujud ngamumule budaya sunda. Ayeuna aksara sunda tos aya standarisasi na. Upami para wargi sadaya hoyong ningali atanapi mempelajari aksara sunda. Tiasa diilik atanapi diunjal tina situs na Kang Dadan (http://daluang.com/).
Hayu urang ngamumule budaya sunda ku ngalakukeun naon wae anu tiasa dilakukeun..